Jasad, Nyawa, Rasa, Rasaning Rasa
Penulis oleh : Ambu Rita Laraswati

TINTAJABAR.COM, GARUT – Usik soteh jasad sakitan gedag nyawa. Gedag soteh nyawa, sakitan gedag rasa. Gedag soteh rasa, sakitan gedag rasaning rasa. Nu mahi ka kabeh mahluk. Allahu Akbar …..
Nyatana jasad acining hurip nya Gusti, mung Gusti hakekat lain majaji.
Nyatana nyawa acining hurip, nyak Abdi tea, mung Abdi hakekat lain majaji.
Heug layeutkeun, nafsu jeung nafsiah, nyawa jeung jasad sabab nyawa anu ngarasakeun kana ngenah teu ngenah, jasad anu ngebuktikeunana. Nyawa mah moal boga era jeung nyeuri, mung jasad anu ngerasakeun nyeuri. Jasad moal ngabuktikeun lamun teu aya nyawa. Nu matak jasad anu raheutna, nyawa nu nyeuri na.
Jiga urang nu boga kahayang baranghakan mah nyawa, dina bahasa kaelmuan na “Tubuh butuh senyawa untuk terus hidup dan berkembang”, peujit anu ngerasa peurihna. Nyawa anu sukana, raga anu nemahanana. Jasad nu mikabutuh kana nyawa matak jadi “ABDI” (Alam Bab Datang Ilahi) hartosna sakitu utamina kahirupan mahluk, matak lamun aya nu maehan (ngabunuh) papada insan, papada kaula kacida tega jeung jahat eta manusa..!!
Nyawa mikabutuh ka jasad, nyawa jadi abdina, ari jasad Gusti na.
Matak aya paribahasa “Fitnah lewih kejam batan ngabunuh” Hartosna sakitu mulia Gusti ngacik dina jasad hambana di awon-awon, di goreng-goreng lahir batinna, Masya Allah….
“ABDI” Nu jadi kuringna jeung kurungna hasil cipta rasa Gusti, matak ngehina papada manusa sarua ngehina nu Nyiptakeunana.
Sia acining seuneu, aing acining seuneu. Asalna Rapih tara aya seuneu pasea jeung seuneu.
Sia acining taneuh, aing acining taneuh. Asalna rapih, tara aya taneuh pasea jeung taneuh.
Sia acining cai, aing acining cai, asal rapih, teu aya cai pasea jeung cai.
Sia acining angin, aing acining angin. Asal ge rapih, tara aya angin pasea jeung angin.
ceuk dulur Ambu mah “Burung yang tidak sejenis tidak akan terbang bersama”.
Sia seuneu, aing caang na.
Sia cai, aing sarahna
Sia angin, aing kalakayna.
Sia taneuh, aing dumukna.
Sia aing, aing sia.
Euweuh aing ngan sia.
Euweuh sia ngan aing.
Hartosna sakitu raketna nu nyata jeung nu goib, sakitu raketna jasad jeung nyawa, sakitu raketna mahluk na jeung Gustina.
Lamun aya nu tega ngabunuh napi bunuh diri kacida eta manusa teu ngenal jatidirina.
Matak rasa jeung ngarasa ngeunah teu ngeunahna hirup di alam dunya, eta teh perbawa jasad, jasad ngerasa ngeunah teu ngeunahna di akherat ka durung ku nyawa. Antukna jasad jeung nyawa silih kawulaan, silih ngaping jeung ngajaring, silih ngawangikeun.
Kolot urang baheula sok ngecap keun babasaan
“Hurip Gusti waras Abdi, hartosna betah jasad ngeunah nyawa. Heung naon kabisa jasad lamun teu aya nyawa? Teu daya teu upaya.
Nyawa mah langgeung jasad mah aya runtagna.
Dzat wajibul wujud, dat kumaha wujudna utama henteu jeung sifat, sifat kumaha wujudna utama hanteu jeung dat, nu di sebat Iradat tea. Matak urang masih aya di kahirupan sing sae ngalampahkeun abdina, mawa jasad ke kahadean, mawa nyawa kesasean, sangkan mulih ka jati mulang ka asal sampurna tea, mulang ka tempat pamulangan alam panjang poe panjang, alam kalanggengan, alam sorangan.
Satungtung urang hirup, paribahasa “Selagi nyawa di kandung badan. “Hayuu urang ngalampahkeun masakan. Ulah dugi aya penyesalan diri, lamun nyawa, pindah alam, rak ngalamin kehadean di dunia tos telat. Saur kitab “Geura engke pada ngarasa waktu dikaronci sungutna, nu ngomong leungeun, anu nyaksian sukuna, kana sakabeh pakasabana sabab ganti alam.
Naon anu jadi kajanteunandina kahirupsan pazamanan ayeuna seur jalma nu leungit kanyaho kana jati diri, heung buru wawuhan eta jatidiri.
Wayah peujit peurih
Sunda ngajiwa ka Nusantara.
Garut, 7 September 2022
(As/TJc)








Komentar